B. Daerah

Pertanyaan

naon anu di sebut wawancara

1 Jawaban

  • Wawancara nyaeta guneman atawa nyarita dua arah antar dua urang atawa leuwih anu lumangsung antara anu ngawawancara jeung anu diwanwancara, jalma anu diwawancara sok disebut oge narasaumber. Wawancara teu pati beda jeung paguneman sacara umumna. Paguneman nyaeta nyarita dua arah, antar dua urang atawa leuwih, silih tempas. Anu ngabedakeun antara wawancara jeung paguneman sacara umum nyaeta yen dina wawancara mah aya anu ngawawancara jeung narasumber.  

    Pembahasan

    Tujuan wawancara nyaeta pikeun meunangkeun data atawa informasi anu akurat atawa bener ti narasumber anu bisa dipercaya. Kagiatan wawancara contona biasa dilakukeun ku jurnalis atawa wartawan pikeun meunangkeun informasi faktual anu engkena ditepikeun di media saperti koran, majalah, TV atawa radio. Wawancara oge biasa dilakukeun ku jalma di perusahaan ka calon karyawan sangkan bisa meunangkeun calon karyawan anu cocog digawe di eta perusahaan.  

    Pelajari lebih lanjut

    • Naon nu disebut wawancara brainly.co.id/tugas/881807  
    • Contoh wawancara bahasa Sunda dengan polisi brainly.co.id/tugas/2493406
    • Contoh wawancara bahasa Sunda dengan pedagang nasi goreng brainly.co.id/tugas/9597212

    __________

    Detil Jawaban

    Kelas : XI

    Mapel : Bahasa Sunda - Wawancara

    Bab : 7

    Kode : 11.13.7

    Kata Kunci : Wawancara nyaeta

Pertanyaan Lainnya